Bedog si Rajapati

Idѐntitas Buku          

Judul Buku      : Bedog Si Rajapati
Karangan        : Ki Umbara
Penerbit           : Kiblat, taun 2012
Lobana Kaca   : 88 kaca

Eusi Novel

Tѐma      :Misteri
Palaku    :Yuji, Lukman, Ical, Sri Bintang, Bedog, Yunus
Alur         :Maju
Latar   :Tempat : Setasion Serang, Kantor Ical, Bioskop, Asrama
             
              Waktu : Saptu jam 6 sorѐ, malem minggu.
Amanat  :Ulah sok gorѐng sangka ka batur, sanajan jalmana siga jalma jahat, can tangtu ѐta  tѐh jalma jahat.


Ringkesan Carita

Poѐ Saptu jam 6 sorѐ, di setatsion Sѐrang aya saurang budak lalaki nu diuk nyorangan, Manѐhna katingal sedih jeung bingung.Harita di setatsion tos tiiseun.  Manѐhna mangrupakeun salah sahiji murid anyar di Sakola Normal.
Teu lila datang 2 urang jajaka, nyaѐta Yunus. Yunus sareng Ical dipiwarang ku Tuan Dirѐktur kanggo ngajemput Winarya, murid anyar tѐa. Tapi Winarya alimeun, pokna tѐh sieun cenah. Sieun kabitur, sieun kabitur da anjeuna tѐh sanѐs Winarya, tapi Lukman. Anjeuna dipaksa ku bapana (bapa tѐrѐ) pikeun ngagantian lanceukna (lanceuk tѐrѐ) Winarya,  sakola di sakola ieu.
Saentos di bibita, diolo, anjeuna keresa ka sakola. Wengina, tos dalahar,  “Winarya” nepungan Juragan Sunda, Wakil Dirѐktur dianteur ku Yunus. Alhamdulillah anjeuna teu kabitur yѐn anjeuna sanѐs Winarya, Terus Yunus nganteurkeun “Winarya” ka kamarna. “Winarya” sakamar jeung Hari
Beuki lila “Winarya” beuki bisa nyesueikeun diri ka kaayaan didinya. Geus aya 3 bulanna, cenah Jaril, tukang ngompa cai  peuting-peuting ningali lalaki nu nyorѐn bedog panjang, bari nanyakeun Winarya. Ical nyimpulkeun yѐn Winarya tѐh aya cacampuran jeung si bedog panjang, jelema teu bener.
Di hiji peuting,Yunus jeung Ical  baradami rѐk lalajo rapat umum, di bioskop Banten-Park. Yunus jeung Ical ogѐ ngajak “Winarya”. Pas rѐk indit, ngadak-ngadak  Juragan M nitah Yunus jaga, sabab budakna teu raraos. Tapi aranjeuna anggeur angkat, sakedap ieuh cenah. Karѐk gѐ nepi, katingali rapat tѐh bubar. Ceunah dibubarkeun ku P.I.D. Didinya katingali seueur pulisi. Kusabab rapat teu jadi, maranѐhna baralik deui. Sup katukangeun asrama. Can nepi maranѐhna areureun. Gok Si Bedog Panjang. Beungeutna teu katingali, batrѐna nyorot ka “Winarya”.
“Mana Winarya ?  Eh, geuning ieu mah Lukman, ati-ati siah” ceuk Si Bedog Panjang.
Lѐos Mkat. Yunus, Ical, jeung Lukman langsung arasup.
Isukna Yunus mikeun poswѐsel titipan Juragan M nu dibikeun kamari basa dibѐrѐ pancѐn jaga tѐa.Eta tѐh poswѐsel ti “Lukman”,eusina duit jang pakansi jeung surat. Tina suratna kanyahoan Winarya tѐh aya di Lѐmbang, da posna pos Lembang. Ceuk Winarya, Lukman ulah ka Kuningan, ka Lѐmbang baѐ. Yunus jeung Ical gѐ rѐk ngilu pakansi ka ditu.
Di Lѐmbang maranѐhna cicing di imah nini Lukman. Maranѐhna nyangka  Winarya aya di imah ninina, ari pѐk tѐh eweuh, ninina gѐ teu apaleun saha Winarya. Kabeneran harita aya Sri Bintang,amang Lukman.
Isukna Lukman ngajak barudak salembur keur ngajirѐt Cangѐhgar. Isukna deui barudak marangkat ka leuweung. Sapanjang jalan barudak garogonjakan, aratoh pisan, tapi aya saurang nu cicing waѐ. Dudukuyna dileuleupkeun.Ceunah ѐta tѐh budak kukut Mang Jadil, didieuna gѐ karѐk sakeudeung, ngarana Wawan.Geus nepi jiret langsung dipasangkeun. Maranѐhna meunang cangѐhgar loba, tuluy di beuleum, didalahar. Terus rareureuh, keur kitu katingali Wawan mѐrѐ kode ka Lukman.Tuluy maranѐhna ngajauh ti barudak nu lain, ngobrol duaan. Ical nuturkeun. Kadѐngѐ maranѐhna ngomongkeun Si Bedog Panjang jeung barang titipan bapana. Ical ogѐ ningali Sri Bintang. Tina kajadian ѐta kanyahoan yѐn Wawan tѐh Winarya.
Peutingna Yunus, Ical, jeung Lukman langsung sarѐ. Yunus jeung Ical sakamar, ari Lukman mah di kamar ninina. Rѐk reup katingali Lukman kaluar bari keketeyeupan. Maranѐhna naluturkeun. Lukman mangkat ka arah imah Wawan. Ti kajauhan katingali Si Bedog Panjang rѐk ka imah Wawan. Si Bedog Panjang cicing di hareupeun imah Wawan. Katingali Lukman ngalungkeun cepuk, berebet lumpat teu pupuguh. Si Bedog Panjang mangkat. Gedebut labuh, suku Si Bedog Panjang di tengkas ku Yunus jeung Ical. Batrѐ jeung cepukna ngapung, tuluy ditangkeup ku Yunus jeung Lukman. Tapi Si Bedog Panjang na mah teu beunang.
Cepuk tѐh ayeuna mah dititipkeun ka Yunus, nepi bapana kaluar ti bui, bapana dibui lantaran ngadѐk babaturanna. Asalna cepuk tѐh dititipkeun di Winarya, ulah dibuka cenah. Cepuk tѐh aya nu mikahayang. Ku bapana disebutkeun ѐta cepuk aya di Winarya nu sakola di Sakola Normal Sѐrang. Eta sababna Lukman dititah ngagantian Winarya sakola di ditu, amѐh ѐta jelema teu papanggih jeung Winarya. Nu mikahayang na tѐh Si Bedog Panjang tѐa.
Isukna Sri Bintang geus aya di imah nini Lukman. Manѐhna mawa tingkem nu eusina oleh-oleh, jang gahѐl- gahѐleun di asrama. Sri Bintang ogѐ rѐk bareng da aya tagiheun di Karawang cenah. Jadi isukan maranѐhna janjian jeung Sri Bintang di setatsion. Sri Bintang ogѐ mapatahan lamun barang berharga kudu disimpen di tempat nu teu disangka. Terus cepuk tѐh diasupkeun kana tingkem, nurut ka papatah emang.
Isukna, isuk-isuk pisan maranѐhna geus marangkat. Di setatsion Sri Bintang geus nungguan. Sri Bintang ngabantuan mawakeun barang-barang Yunus, Ical, jeung Lukman.Pas karѐta geus maju, Lukman ningali tingkem nu sarua di luar, tapi nu manѐhna mah aya.Can nepi ka Karawang Sri Bintang turun, kantongna kantinggaleun di Setatsion.
Nepi di Sѐrang Yunus, Ical, jeung “WInarya” langsung ka asrama. Di asrama barudak marukaan oleh-oleh pakansi. Kaasup Lukman, Ical, Yunus, jeung Hari. Rupana loba pisan. Pas tingkem di buka, kacida reuwasna Lukman ningali cepuk eweuh. Ari Yunus mah tenang wѐh. Geus Hari kaluar, Yunus mere nyaho, eusi tingkemna geus dipindahkeun kana kardus nu aya di manѐhna, tuluy ditingalikeun.
Tina kajadian nu enggeus-enggeus, Yunus jeung Ical narik kasimpulan yѐn Si Bedog Panjang tѐh Sri Bintang. Aranjeuna narik ѐta kasimpulan sabab sababaraha alesan. Kahiji, basa ngajiret cangѐhgar Ical ningali Sri Bintang. Kadua, basa di setatsion Lukman ningali tingkem nu sarua, terus Sri Bintang turun, Sri Bintang ogѐ nyahoeun Yunus nyimpen cepuk didinya, bisa waѐ Sri Bintang nukeurkeun tingkem ѐta kana tingkem nu sarua basa mangmawakeun barang tadi. Pan Si Bedog Panjang tѐh moro-moro cepuk ѐta.
Geus rada lila ti pakansi, “Lukman” ngirim surat, eusina manѐhna rѐk ka Sѐrang mawa tingkem tѐa. Terus ngirim surat deui, eusina yѐn bapana geus teu aya.Atuh Lukman sedih da geus teu boga sasaha, tapi Alhamdulillah aya keneh baraya di Kuningan.
Teu lila ti harita “Lukman” datang ka Sѐrang.Terus aya kabar aya jalma mundar mandir waѐ di sakola.Ical jeung Yunus langsung mastikeun ѐta tѐh Si Bedog Panjang. Tuluy Yunus, Ical jeung barudak ka tukang, rѐk mergokan Si Bedog Panjang. Geus katingali gidigna Yunus jeung Ical langsung nyerang.
“Eh geuning emang ? Hapunten Mang menawi tѐh sanes Emang.. Atuda sumpingna ti dieu.”
“Muhun den, teu sawios. Muhun lepat Emang jolna ti dieu nya ?”
Tuluy Sri Bintang ka jero, di jamu. Sanggeus ѐta ngobrol jeung Yunus.
“Mang ari Si Bedog Panjang tѐh Emang ?”
“Bedog Panjang ?”
“Eta tѐh sebutan abdi sareng Ical ka jalm nu sok nyoren bedog panjang.”
“Muhun, Emang tѐh keur merjuangkeun hak Lukman tina harta paninggalan indungna nu dibawa ti keur indungna jeung bapa kandungna. Harta ѐta tѐh di bawa ku Ki Sadiman, manѐhna mah jalma teu bener.”

Tuluy Ical ngageroan Lukman jeung Winarya. Geus kumpul,eusi cepuk nu aya di Yunus dibuka, eusina tѐh perhiasan emas nu kacida lobana. Aya buktina yѐn ѐta emas kagungan indung Lukman, buktina nyaѐta sadaya surat emasna aya di Lukman. Ceuk Lukman indungna nitipkeun surat-surat emas ka manѐhna basa aya kѐnѐh. Tuluy sadaya satuju ѐta harta tѐh dibagi nurutkeun hukum islam  tapi saking bageurna. Lukman, emas ѐta dibagi dua jeung Winarya, padahal nurutkeun hukum, bagean Winarya mah teu sakitueun. Yunus jeung Ical gѐ ditawaran, tapi keukeuh embungeun.

Kusabab Winarya teu boga sasaha deui,  Winarya cicing di imah Sri Bintang. Atuh kacida atoheunna, da Mang Murnsim tѐh teu gaduh budak. Sri Bintang nganggap Winarya jeung Lukman siga budakna sorangan.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kesulitan Memahami Pelajaran? Sulit Menghafal? Latih Otakmu Dengan Aplikasi Ini